Alamat:
Asrama At-Tawakal, Pondok Pesantren Cipasung, Cipakat, Singaparna, Kab. Tasikmalaya
Alamat:
Asrama At-Tawakal, Pondok Pesantren Cipasung, Cipakat, Singaparna, Kab. Tasikmalaya


Sanggeus katuhu dibersihkeun kalayan niat nu jujur,
ayeuna suku kénca abdi nu dikumbah —
lain saukur basa leungeun nyentuh sampean,
tapi basa haté nyorang kahariwang.
Suku kénca ieu…
kadang leumpang nyusul katuhu,
kadang ngagelebug ka arah nu henteu disanghareupan ku taqwa.
Taya nu nyaho,
tapi Gusti nyaksian léngkah-léngkahna.
Abdi sadar, Gusti…
jalur nu rék disorang sanés jalan lempeng batu trotoar,
tapi hiji Shirath nu leuwih ipis tibatan rambut,
lebih seukeut tibatan padang,
nu bentangna di luhur Naraka Jahannam.
Abdi ngumbah sampean kénca ayeuna, bari muhasabah:
naon léngkah nu kantos abdi tindakkeun,
nu nyasab ka tempat nu nyebarkeun fitnah,
ka léngkah nu ngajugjug kesenangan nu maksa ngalanggar haté?
Aya waktu suku ieu leumpang ka tempat nu pinuh kahayang,
ngan saukur rék “healing”,
padahal ngajauhan dzikir.
Aya waktu suku ieu leumpang,
ngasup ka ruang nu padet ku maksiat digital,
tapi kosong tina panarimaan ka diri sorangan.
Ayeuna, ku seuseut haté, abdi ngucapkeun:
اللّٰهُمَّ إِنِّي أَعُوْذُ بِكَ أَنْ تَزِلَّ قَدَمِيْ عَلَى الصِّرَاطِ فِي النَّارِ يَوْمَ تَزِلُّ أَقْدَامُ الْمُنَافِقِيْنَ وَالْمُشْرِكِيْنَ
Allāhumma innī a‘ūdzu bika an tazilla qadamī ‘alaṣ-ṣirāṭi fin-nār, yauma tazillu aqdāmul-munāfiqīn wal-musyrikīn.
“Duh Gusti, abdi nyuhunkeun panyalindungan ti Anjeun,
supaya sampean abdi henteu ticengklak di Shirath ka naraka,
dina poé anu seueur sampean jalma munafik jeung musyrik baris ragrag.”
Duh Gusti…
mun aya tapak nu geus kalepatan,
mugi cai ieu mupus.
Mun aya léngkah nu kabina-bina,
mugi kalem ku rasa ngaku dosa.
Mun aya nu rék ragrag,
mugi anjeun nu nyanggakeun pundak.
Sampean kénca ieu abdi hoyong léngkah ka tempat hadé,
tapi sok dirempak ku ajakan-ajakan nu seuri di luarna,
tapi najis di jerona.
Basa netesna cai ngaliwatan dampal,
abdi nyuhunkeun: tulungan abdi mulang, Gusti.
Pikeun abdi, jalan mulang téh lain jarak —
tapi niat,
tapi air nu ngalirkeun tobat,
tapi rasa nu nepi ka Anjeun.
Mugi suku kénca ieu henteu mung dianggo indit ka dunya,
tapi ogé mulang ka Rahmat-Mu.