Peuting Nu Pareum Fajar Nu Caang (Alfajri 1-30)

Peuting Nu Pareum, Fajar Nu Caang

Di tengah gulitiran peuting, aya rahasia anu kacida jerona. Fajar, waktu nu sok dianggap biasa, sabenerna mangrupakeun palebah robahna kahirupan. Sakumaha dina ayat Qur’an, “Was-subhi idza tanaffas”, demi fajar nalika napas. Fajar mangrupakeun waktu robahna tekanan hawa, datangna cahaya munggaran sanggeus poek, titik dimana Bumi ngalieuk ngalaan matahari. Astronomisna, waktu fajar dimimitian nalika panonpoé ayana 18 derajat di handapeun cakrawala (astronomical dawn), lumangsungna sakilat, tapi hartina luar biasa.

Fajar henteu saukur datangna cahaya, tapi ogé simbol kahirupan anyar. Sateuacan fajar, langit kelam lir haté jalma nu dipinuhan dosa. Tapi sanggeusna, aya caang harepan, sapertos jalma-jalma anu parantos sadar tina kalakuan goréngna tur balik kana jalan nu bener.

Jalma-jalma atanapi kaum anu dihancurkeun dina Al-Qur’an mindeng digambarkeun salaku jalma nu takabbur, ngalawan Rasul, ngarasa paling kuat, jeung nganggap dirina leupas tina hukum Allah. Kaum ‘Ād, contona, kagolongkeun kaum nu jangkung, kuat, ahli arsitektur, tapi sombong luar biasa. Maranéhna nolak Nabi Hūd. 

Asal-Usul Kaum Iram

Kaum Iram nyaéta salah sahiji bangsa kuna anu disebatkeun dina Al-Qur’an, tepatna dina Surat Al-Fajr ayat 6–8:

أَلَمْ تَرَ كَيْفَ فَعَلَ رَبُّكَ بِعَادٍ (٦) إِرَمَ ذَاتِ الْعِمَادِ (٧) الَّتِي لَمْ يُخْلَقْ مِثْلُهَا فِي الْبِلَادِ (٨)

“Naha anjeun henteu ningali kumaha Gusti anjeun ngalakukeun ka kaum ‘Ād, Iram anu boga tiang-tiang luhur, nu henteu aya sarua jeung maranéhna di nagara-nagara?”

Kaum Iram mangrupikeun bagian ti kaum ‘Ād, salah sahiji bangsa Arab Ba’idah (Arab kuna nu geus punah). Tempat tinggalna dipercaya aya di daérah Al-Ahqāf, antara Yaman jeung Oman kiwari. Aya ogé nu nyebutkeun tempatna di kota legendaris Ubar, nu disebut “Atlantis of the Sands” (Atlantis di jero gurun) dina kisah eksplorasi modern.

Kacanggihan jeung Kabagjaan Duniawi

Iram disebutkeun miboga tiang-tiang luhur (dzāt al-‘imād), hartina arsitektur jeung kota-kotana luar biasa megahna. Tiang-tiang éta nunjukkeun yén maranéhna bisa nyieun istana jangkung, gedong-gedong mewah, sarta struktur urban nu canggih. Kabéh kagungan dunya téh aya: pertanian subur, padang rumput, kota nu strategis pikeun perdagangan, sarta kakawasaan politik jeung militer.

Bukti Arkéologis :

Tina kajian modern, ekspedisi NASA jeung para arkeolog taun 1992 mendakan jejak kota Ubar di Rub’ al-Khali (Empty Quarter), hiji gurun panggedéna di Jazirah Arab. Satelit milik NASA ngarekam jalur perdagangan kuno nu ngarah kana sésa-sésa kota kuna jeung sumur-sumur gede, kuat dugaan éta bagian tina Iram dzāt al-‘imād. Bukti fisikna masih diteliti, tapi éta nunjukkeun yen dongéng Iram téh lain sekadar mitos, tapi boga akar sajarah nyata.

Kaum Ṯamūd mangrupakeun salah sahiji peradaban kuna nu kacatet dina sajarah Qur’ani jeung arkéologi. Maranéhanana hirup sanggeus kaum ʿĀd, di wewengkon al-Ḥijr — kiwari dikenal minangka Mada’in Ṣāliḥ di Arab Saudi. Loka éta ayeuna kaasup Situs Warisan Dunia UNESCO, kusabab arsitektur batu karangna nu luar biasa.

Asal-usul jeung Lokasi Kaum Ṯsamūd 

Kaum Ṯamūd diperkirakeun asalna ti keturunan Semit, sarta ngadegkeun koloni di gurun antara Hijaz jeung Syam. Lokasina strategis, pas pisan pikeun jalur dagang antara Yaman jeung Syam. Qur’an (Surat Al-Fajr:9) nyebutkeun:

 وَثَمُودَ ٱلَّذِينَ جَابُواْ ٱلصَّخْرَ بِٱلْوَادِ

“Jeung (kaum) Ṯamūd, nu ngajieun guha tina batu di lebak.”

Kecap “jābū aṣ-ṣakhra” hartina maranéhna nyukur batu (carving) jadi imah di gunung-gunung, anu ngajéntrékeun kamampuhan arsitektur jeung rékayasa maranéhna dina teknologi ukir batu (rock-cut architecture). Ieu téh sakumaha nu ayeuna katingali dina tombak-tombak jeung kuburan batu mewah di Mada’in Ṣāliḥ nu masih utuh nepi ka ayeuna.

Kamajuan Téknologi

Arkéolog mendakan yén kaum Ṯsamūd Boga sistem drainase jeung penyimpanan cai anu rapih, padahal tempatna di gurun garing. Bisa ngukir gunung batu pikeun dijieun ratusan makam, dihias ku relief sareng tulisan kuna (nabathaean script). Ngagunakeun alat besi anu presisi pikeun motong batu — hal nu luar biasa dina masanya. Téknologi jeung kabudayaan maranéhna sering disandingkeun jeung bangsa Petra (Nabataean), sabab struktur bangunan jeung letakna nu mirip.

Fir‘aun, nami lengkepna Ramses II numutkeun artefak arkéologis, nyaéta raja Mesir nu sakti jeung boga teknologi luar biasa dina wangunan. Piramida, sphinx, sareng jalan-jalan besar Mesir kuna masih katingali nepi ka ayeuna. Tapi sagala kacanggihanana teu ngajadikeun manusa leupas tina kawajiban spiritual. Fir‘aun nolak Musa, nyebut diri “tuhan pangluhurna,” tuluy dihancurkeun ku laut.

Kisah Fir’aun:

Kamajuan Téknologi, Kakawasaan, jeung Kasombongan Anu Ngaruntuhkeun Peradaban

Dina sajarah umat manusa, jarang aya tokoh nu jadi simbol kasombongan jeung kakawasaan absolut saperti Fir’aun. Al-Qur’an mindeng nyebutkeun nami Fir’aun minangka lambang karajaan Mesir kuna nu lalim. Sanaos Qur’an henteu langsung nyebut nami lengkep Fir’aun dina jaman Nabi Musa, para ahli sajarah jeung egiptologi ngajentrekeun yén nu pang deukeutna téh nyaéta Ramses II atawa putrana Merneptah, ti Dinasti ka-19 Mesir Kuna.

Fir’aun ngagambarkeun sistem pamaréntahan absolut, tempat hiji jalma — nu dianggap titisan déwa — miboga kawasa sakabéh. Manéhna lain wungkul raja, tapi ogé disebut “ilah” atawa déwa hirup, jeung nganggap dirina salaku penguasa kaagamaan jeung politik sakaligus. Sistem pamaréntahan Mesir dina waktos éta kacida rapihna. Maranéhna miboga struktur birokrasi nu maju, dipingpin ku Vizier (patih agung), angkatan kerja budak nu dipaké pikeun proyék-proyék raksasa saperti piramida jeung kuil, sarta sistem pajeg jeung panyatetan hasil tatanén nu ditulis dina papirus ku para juru tulis.

Fir’aun, utamana Ramses II, mingpin salah sahiji masa kaemasan Mesir Kuna. Anjeunna ngawangun kompleks kuil Karnak jeung Luxor, ogé Ramesseum (mausoleum pribadi). Manéhna miboga armada perang, roda kuda, sarta teknik militer nu modern dina masana. Maranéhna bisa ngatur irigasi ti Walungan Nil pikeun panén — nu hartina aya teknologi tatanén, bendungan, jeung logistik panyaluran cai nu efektif. Téknologi médis maranéhna ogé majeng, kalawan papirus médis Mesir nyatet rupa-rupa diagnosa jeung perlakuan tradisional.

Salah sahiji simbol kakawasaan Fir’aun nu kacatet dina Al-Qur’an nyaéta “وَفِرْعَوْنَ ذِى ٱلْأَوْتَادِ” (Al-Fajr:10) — “Jeung (kisah) Fir’aun nu miboga pancang.” Kalimah “dzil awtad” nu hartina nu boga pancang atawa tiang, bisa disaluyukeun jeung tiang-tiang pikeun tenda militer atawa kerja rodi, simbol kaangkaribunganna dina nyiksa. Atawa ogé bisa ngandung harti struktur monumental Mesir saperti obelisk, kuil jeung piramida.

Fir’aun merlukeun ketaatan total ka dirina. Jalma nu ngajanggelek (ngagugat) dianggap ngalanggar hukum jeung agama nagara. Nalika Nabi Musa datang ngajak ka tauhid, anjeunna langsung dianggap ancaman politik jeung idéologis. Fir’aun nyarios: “مَآ أُرِيكُمْ إِلَّا مَآ أَرَىٰ” — “Teu aya nu ku kuring tingal iwal ti naon nu ku kuring dipikiran.” (Al-Mu’min:29). Ieu nuduhkeun otoritarianisme epistemologis: ngan hiji kanyataan nu sah — nyaeta milik Fir’aun. Ieu ogé nuduhkeun karakter otoriter, anti kritik, jeung ngamanipulasi informasi publik.

Fir’aun ogé nyieun undang-undang diskriminatif. Kaum Bani Israil dijieun budak. Anak lalaki ditiwaskeun, sedengkeun kaum awewe dihirupkeun pikeun dijadikeun pelayan. Al-Qur’an nyebutkeun: “إِنَّ فِرْعَوْنَ عَلَا فِي ٱلْأَرْضِ وَجَعَلَ أَهْلَهَا شِيَعًۭا” — “Fir’aun sombong di bumi sarta ngabagi umat jadi kelompok…” (Al-Qashash:4). Ieu nuduhkeun ayana politik pemecah-belah, diskriminasi sistemik, jeung monopoli kawasa.

Nabi Musa terus ngajak Fir’aun pikeun satuju ka jalan Allah, tapi ditolak jeung dihina. Sanggeus aya rupa-rupa mu’jizat (saperti tulah Mesir), puncakna kajadian dina Laut Merah. “فَأَتْبَعَهُمْ فِرْعَوْنُ بِجُنُودِهِۦ فَغَشِيَهُم مِّنَ ٱلْيَمِّ مَا غَشِيَهُمْ” — “Fir’aun jeung pasukanna nyusul (Musa), tuluy ditibanan ku laut nu kabuka.” (Thaha:78)

Arkéolog modéren, kalawan panalungtikan ti Laut Merah jeung gurun Sinai, nempo aya kamungkinan jalur eksodus Bani Israil memang kajadian di salah sahiji bagian Laut Merah nu ipis. Dina studi egiptologi, mumi Ramses II atawa Merneptah diduga kuat Fir’aun nu disebut Qur’an, sabab awakna kapanggih awét jeung geus diuji sacara ilmiah. Qur’an ngajentrekeun: “فَٱلۡيَوۡمَ نُنَجِّيكَ بِبَدَنِكَ لِتَكُونَ لِمَنۡ خَلۡفَكَ ءَايَةًۚ” — “Dinten ieu Kami nyalametkeun awak anjeun supaya jadi tanda pikeun nu datang saatos anjeun.” (Yunus:92). Ayeuna, mumi Fir’aun bisa ditingali di Museum Kairo — sabagé tanda perenungan yén sakalieur manusa sabaraha hebatna, lamun sombong jeung nolak kaleresan, moal bisa lolos tina adzab Gusti.

Ayat-ayat dina akhir Surat Al-Fajr ieu ngagambarkeun potret psikologis jeung sosial manusa nu taya kasadaran spiritual. Al-Qur’an teu saukur nyaritakeun perilaku lahiriah, tapi ogé ngagambarkeun sikap batin nu salah dina nyanghareupan ujian dunya, harta, jeung tanggung jawab sosial.

1. Karakteristik jalma nu salah paham kana ujian Tuhan (ayat 15–16)
“Fa ammāl-insānu idzā mābtalāhu Rabbuhū fa akramahu wa na‘‘amahu fa yaqūlu Rabbī akraman.”
“Wa ammā idzā mābtalāhu faqadara ‘alayhi rizqahū fa yaqūlu Rabbī ahānan.”

Manusa dina ayat ieu digambarkeun boga pola pikir materialistis. Lamun dipaparin nikmat, maranéhna nyangka éta tandana dipikahormat ku Allah. Tapi lamun diuji ku kasusah rejeki, ceuk manéhna, “Tuhanku ngahina ka kuring.” Padahal, dua-duana téh bentuk uji coba: boh kabeungharan boh kahéngkéran, duanana lain bukti cinta atawa benci ti Gusti. Ieu nunjukkeun karakter dangkal dina beragama: ngukur kaagamaan tina sukses materi.

2. Karakter sosial nu culang-cileung (ayat 17–20)
“Kallā bal lā tukrimūnal-yatīm. Wa lā taḥāḍḍūna ‘alā ṭa‘āmil-miskīn. Wa ta’kulūnal-turāts aklal-lamm. Wa tuḥibbūnal-māla ḥubban jammā.”

Tilu dosa sosial utama diterangkeun:

  • Lalawora ka yatim-piatu: Teu ngurus, teu ngarahmat, teu mere pangakuan ka nu lemah.
  • Teu nyarita atawa dorong silih pikeun mere tuangeun ka miskin: Komunitas nu teu saling ngajak silih béréskeun masalah sosial, hartina aya kabiasaan egois.
  • Ngabisaan warisan ku rakus: Hartina korupsi, teu adil, ngarebut hak nu lemah — bisa dina ranah kulawarga, lembaga, atawa nagara.
  • Kacida bogohna kana harta: Ieu akar tina kabéh nu tadi. Harta geus jadi tujuan hirup, ditéangan sanajan kudu numpuk kezaliman.

Kabeh ieu nunjukkeun karakter materialistis, egois, anti-sosial, jeung rakus. Ieu jenis jalma nu boga posisi sosial atawa kakayaan, tapi teu boga tanggung jawab sosial.

3. Ahir nu ngageterkeun (ayat 21–26)
“Kallā idzā dukkatil-arḍu dakkandakkā. Wa jā’a Rabbuka wal-malaku ṣaffan ṣaffā. Wa jī’a yauma’idzin bijahannam.”

Dina waktu kiamat, kabéh kasombongan téh dibanting ku kanyataan: bumi dihancurkeun, malaikat disusun, jeung Jahannam ditepikeun. Jalma nu tadi sombong bakal inget, tapi kasep.

“Ya qūlu yā laitanī qaddamtu liḥayātī.”
Barulah nyesel: “Duh, ari baheula mah ari kuring nyiapkeun kahirupan nu saéstuna.”

Tapi éta penyesalan geus teu aya gunana. Sebab hukuman Allah téh taya nu bisa nyegah jeung taya nu bisa ngahalangan:
“Fa yauma’idzin lā yu‘azzibu ‘adhābahū aḥad. Wa lā yūthiqu wathāqahū aḥad.”

Klasifikasi Psikologis & Sosiologis Jalma nu Digambarkeun dina Ayat-Ayat Ieu:

Karakteristik Klasifikasi Populer Ilmiah/Reflektif
Ngukur derajat tina harta Materialistic bias / Spiritual misjudgment
Lalawora ka yatim Empathy deficiency / Social neglect
Teu silih dorong pikeun amal Individualism / Social disengagement
Rakus kana warisan Greed-driven behavior / Disregard for justice
Kabita pisan ku harta Possessive personality / Obsessive love for wealth
Teu siap pikeun akhirat Delayed realization / Spiritual negligence & regret

Sagala kajadian eta, dipungkas ku ajakan spiritual dina ayat Qur’an: Yaa ayyatuhan nafsul muthmainnah, irji’ii ilaa rabbiki raadiyatan mardhiyyah, fadkhulii fii ‘ibaadii, wadkhulii jannatii.

Nafsul muthmainnah hartina jiwa anu tenang, geus leupas tina kagorengan hawa nafsu. Radhiyah: jiwa anu ridho kana sagala kaputusan Gusti. Mardhiyyah: jiwa anu meunang kabagjaan ti Gusti. Éta jiwa disebut bagian ti ibadii – hamba-hamba Kami – anu dijamin bakal asup kana jannah.

Sugan urang bisa nyokot hikmah: fajar nu caang bakal datang ka saha wae nu narima kalemahan sorangan sarta balik ka cahaya Gusti. Lamun henteu, poékna peuting bakal ngagegedur lir azab nu tumiba ka kaum-kaum baheula.

Langit jeung Bumi sakitu tundukna kana hukum Gusti. Naha urang rék angkuh siga kaum-kaum nu kacatet dina sajarah, atawa rék jadi bagian ti fajar spiritual anu ngahirupkeun? Waktuna milih, saméméh fajar kadua – nu bisa jadi ahir kahirupan urang – datang kalawan pasti.

Komparasi Kesadaran jiwa

يَـٰٓأَيَّتُهَا ٱلنَّفْسُ ٱلْمُطْمَئِنَّةُ

“He jiwa anu tenang!”

Dina tradisi taṣawwuf, jiwa nu disebut al-nafs al-muṭma’innah nyaéta tahap kamal (kesempurnaan) tina perjalanan spiritual. Jalma nu nepi ka tahap ieu geus menang tina perang batin ngalawan nafsu, geus reueus kana takdir Allah, tur haténa pinuh ku dzikir, pasrah, jeung rido.

Tahapan ieu hasil tina perjalanan panjang ngaliwatan maqām-muqām (tangga-tangga spiritual), saperti tobat, wara’, zuhud, tawakkal, sabar, ridha, nepi ka ma’rifah.

ٱرْجِعِىٓ إِلَىٰ رَبِّكِ رَاضِيَةًۭ مَّرْضِيَّةًۭ

“Balik deui ka Gusti anjeun, dina kaayaan reueus jeung diridhoi.”

Taṣawwuf ngajarkeun yén jiwa nu tenang téh henteu nyalahkeun Gustina sanajan diuji ku musibah atawa dipaparin ku nikmat. Anjeunna ridha kana sagala kalakuan Allah, sarta Allah ogé ridha ka dirina. Ieu anu disebut mu‘āmalah antara hamba jeung Gustina — hubungan batin nu asak.

Komparasi sareng ajaran Buddhisme

Dina ajaran Buddha, tujuan spiritual nyaéta ngahontal nirvāṇa, nyaéta kaayaan leupas tina loba kahayang (taṇhā), kabodoan, jeung amarah. Jiwa anu ngahontal eta kaayaan ogé disebut jiwa sadar, nu teu kabungkus ku ego, teu rakus ka harta, sarta geus leungit rasa “aku”.

Sasama jeung nafs al-muṭma’innah, jiwa nu sadar dina Buddha ogé nepi ka titik tenang, henteu gumulung di dunya, sarta bersih tina “tiga racun”: lobha (rakus), dosa (kakeuheul), jeung moha (kabodoan).

Fādkhulī fī ‘ibādī. Wadkhulī jannatī

“Asup ka golongan hamba Kami, sareng asup ka sawarga Kami.”

Dina puncakna, jiwa tenang dipaparin dua hadiah: kahormatan minangka bagian tina golongan ‘ibādillāh al-shāliḥīn, sarta diasupan ka jannat — nu henteu saukur tempat, tapi ogé simbol karahayuan jiwa.

Klasifikasi Karakteristik “al-nafs al-muṭma’innah” dina Taṣawwuf:

1. Ṣidq: haténa jujur dina tiap amal.

2. Zuhd: henteu kagoda ku nikmat dunya.

3. Tawakkul: pasrah sagemblengna ka Allah.

4. Ṣabr & Riḍā: sabar kana ujian, reueus kana takdir.

5. Muraqabah: haténa terus ngarasakeun ayana Allah.

6. Mahabbah: cinta hakiki ka Gustina, leuwih ti cinta dunya.

7. Ma‘rifah: terang jeung nyaho hakikat Allah.

Kasimpulan Reflektif

Surat Al-Fajr ditutup ku muji jiwa nu geus salamet tina dunya, henteu deui beurat ku egona sorangan, sarta meunang panggilan asup ka jannah. Dina perspektif taṣawwuf, ieu téh gambaran ti hamba nu geus ‘ārif billāh — terang Allah, reueus jeung diridhoan.

Upami dibandingkeun jeung ajaran Buddha, aya kesamaan struktur spiritual sanajan dina istilah jeung nu disembah béda. Kudu urang hartikeun yén kadua ajaran — Islam jeung Buddha — nyarita ngeunaan pembebasan jiwa tina ikatan napsu jeung kesadaran puncak.

Singaparna 27  Mei 2025, 29 Dzulkaidah 1446, Juz 29.

Leave a Reply

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *